ini hanya sekedar mengisi waktu luang saya, dan saya bukan siapa-siapa, saya hanya seseorang yang sungguh sangat biasa-biasa saja yang ingin berbagi isi kepala saya kepada para pembaca sekalian dengan cara yang sangat biasa-biasa saja *hehehe

KITAB ISLAM SAFINATUN NAJAA SUNDA - 68. PERKARA ANU ASUP KA LEUBEUT LIANG ANGGAHOTA BADAN ANU HANTEU NGABATALKEUN PUASA


68. PERKARA ANU ASUP KA LEUBEUT LIANG ANGGAHOTA BADAN ANU HANTEU NGABATALKEUN PUASA

(فصل) الذي لا يفطِر مما يصل إلى الجوف سبعة أفراد : مايصل إلى الجوف بنسيان أو جهل أو إكراة وبجريان ريق بما بين أسنانه وقد عجز عن مجه لعذره وما وصل إلى الجوف وكان غبار طريق ، وما وصل إلية وكان غربلة دقيق ، أوذبابا طائرا أو نحوه .
Ari ieu hiji fasal : ari anu hanteu ngabatalkeun ( puasa ) tina perkara anu neupi ( asup ) kana beuteung ( liang badan ) eta 7 pirang-pirang perkara ( nyaeta ):
1,2,3. perkara anu asup ( nepi ) eta perkara kana beuteung sabab poho atawa hanteu nyaho atawa dipaksa
4. kusabab berjalanna ciduh tina perkara anu aya antara huntu-huntuna jeung halna apeus manehna tina ngutahkeunnana karana udzur manehna ( seusah )
5.perkara anu asup ( neupi ) eta perkara kana beuteung jeung aya perkara eta kekebul jalan ( anu ka iseup ku irung atawa asup ka jero baham )
6 jeung 7. perkara anu asup ( neupi ) eta perkara kana beuteung jeung aya eta perkara eta kekebul tipung atawa laleur anu hibeur atawa sabangsana laleur

0 comments:

Post a Comment

ad1